Sato - Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Lompat ke isi
Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kéwan
Temporal range:
Kriogenium
Holosen
670–0Ma
Had'n
Arkean
Proterozoikum
Pha.
Klasifikasi ilmiah
Domain:
Eukaryota
Karajaan:
Animalia
Linnaeus
1758
Filum
Subkarajaan
Parazoa
Porifera
Placozoa
Subkarajaan
Eumetazoa
Radiata
(unranked)
Ctenophora
Cnidaria
Trilobozoa
Bilateria
(unranked)
Proarticulata
Mesozoa
(unranked)
Orthonectida
Rhombozoa
Monoblastozoa
Nephrozoa
(unranked)
Chaetognatha
rujukan?
Superfilum
Deuterostomia
Chordata
Hemichordata
Echinodermata
Xenacoelomorpha
Vetulicolia
Protostomia
(unranked)
Superfilum
Ecdysozoa
Kinorhyncha
Loricifera
Priapulida
Nematoda
Nematomorpha
Onychophora
Tardigrada
Arthropoda
Superfilum
Platyzoa
Platyhelminthes
Gastrotricha
Rotifera
Acanthocephala
Gnathostomulida
Micrognathozoa
Cycliophora
Superfilum
Lophotrochozoa
Sipuncula
Hyolitha
Nemertea
Phoronida
Bryozoa
Entoprocta
Brachiopoda
Mollusca
Annelida
Sinonim
Metazoa
Haeckel
, 1874
Sato
hartina golongan
organismeu
dina
karajaan
Animalia
atawa
Metazoa
, sacara umum
multisélular
, bisa pipindahan sarta résponsif ka sabudeureunana, sarta
dahar
organismeu séjén salaku asupanana. Dedegan awakna beuki jejeg nalika sawawa, biasana
tumuwuh
tina
émbrio
, najan aya ogé nu ngalaman
métamorfosis
Manusa
ogé kaasup kana karajaan Animalia.
Karajaan Animalia mibanda sababaraha ciri nu ngabédakeun ti mahluk hirup lianna. Nu kahiji, sasatoan téh
eukariot
, antukna misah ti
Karajaan Monera
. Kadua, sato téh
multisélular
, antukna misah ti
Karajaan Protista
. Katilu,
heterotrof
, antukna misah ti
Karajaan Plantae
katut sababaraha
protist
nu mirip tutuwuhan. Panungtung, Karajaan Animalia ngawengku organisme-organisme nu teu boga pinding sél (
dinding sel
cell walls
), antukna misah ti
Karajaan Plantae
algae
, jeung
Karajaan Fungi
Aristotle
ngabagi mahluk hirup antara sasatoan jeung
tutuwuhan
, nu salajengna dituturkeun ku
Carolus Linnaeus
dina klasifikasi hirarki munggaran. Ti saprak harita para ahli
biologi
mimiti ngaduga-duga hubungan évolusina, antukna dua kelompok ieu bener-bener misah. Pikeun conto,
protozoa
mikroskopik asalna mah dianggap sato ku sabab usik, tapi kiwari mah misah. Tina sawangan sababaraha ageman,
manusa
dianggap misah ti sato (sabab kamampuhna nu béda, nyaéta bisa nyarita jeung mikir), tapi baku
taksonomi
kiwari mah tetep ngahiji.
Struktur
édit
édit sumber
Iwal ti pikeun sababaraha organismeu, utamana
spons
(Filum
Porifera
), awak sato kabagi kana sababaraha
jaringan
, di antarana
otot
, nu ngamungkinkeun kontrol gerak, sarta
sistim saraf
nu ngirim jeung ngolah sinyal-sinyal ti anggota awak lianna.
Sakabéh sato boga sél
eukariotik
, nu dikubeng ku sarupaning
matriks ékstrasélular
nu diwangun ku
kolagén
jeung
glikoprotéin
nu élastis. Matriks ieu bisa
dikalsifikasi
antukna jadi struktur kawas cangkang, tulang, jeung spikula. Sabalikna, organisme multisélular lianna modél
tangkal
jeung
suung
, sélna téh dibungkus ku
pinding sél
dinding sel
cell wall
).
Baranahan jeung tumuwuh
édit
édit sumber
Ampir sakabéh sasatoan ngalaman sarupaning bentuk
réproduksi séksual
. Sato nu geus sawawa mibanda sél-sél réproduktif husus, nu ngalaman
méiosis
nu ngahasilkeun
spérma
atawa
endog
. Mun dua sél ieu ngahiji, lajeng bakal jadi
zigot
, nu tumuwuh jadi individu anyar.
Loba ogé sasatoan nu bisa ngalampahkeun
réproduksi aséksual
, nyaéta ngaliwatan prosés
parténogenesis
nu ngahasilkeun endog nu subur tanpa kawin, atawa - dina sababaraha kasus - ngaliwatan prosés fragméntasi.
Zigot
mimitina tumuwuh jadi
blastula
, nu disusun ulang jeung ngalaman diferensiasi. Dina spons, larva blastula ngojay ka tempat séjén nu lajeng tumuwuh jadi spons anyar. Dina lolobana kelompok lianna, blastula ngalaman panyusunan ulang nu leuwih pajeulit.
Asal-usul jeung catetan fosil
édit
édit sumber
Sacara umum (nurutkeun téori), sato dianggap ngalaman évolusi ti protozoa
flagellate
. Dulur pangdeukeutna nu masih aya nyaéta
choanoflagellate
, flagellate nu mibanda struktur nu sarua jeung sababaraha spons. Ulikan molekular nempatkeun ieu organisme dina hiji supergrup nu disebut
opisthokont
, nu ogé ngawengku
suung
jeung sababaraha
protist
parasit leutik. Ngaran ieu asalna tina lokasi posterior
flagellum
dina sél motil, kawas dina lolobana spérma sasatoan, sagédéngeun eukariot lian nu boga flagel anterior.
Fosil
munggaran nu meureun ngawakilan sasatoan datangna ti ahir jaman
Precambrian
, kira 600 juta taun ka tukang, nu katelah
biota Vendian
. Tapi ieu téh hésé disambungkeunana jeung papanggihan fosil nu leuwih anyar, nu bisa baé dianggap salaku prékursor fila modérn, tapi bisa ogé ti kelompok anu béda. Malah mah, bisa jadi fosil nu kapanggih téh lain sato sato acan. Di sagigireun ti éta, lolobana fila sasatoan nu geus kanyahoan mah kurang leuwihna datang sacara simultan dina périodeu
Cambrian
, kira 570 juta taun ka tukang. Nu katelah
ledakan Cambrian
téh matak hémeng nu puguh mah, naha ieu téh kajadian ngarancabangna kelompok-kelompok kalawan gancang atawa parobahan lingkungan nu ngabalukarkeun bisa lumangsungna fosilisasi.
Golongan sato
édit
édit sumber
Sajarah klasifikasi
édit
édit sumber
Dina skéma awal
Linnaeus
, sasatoan téh mangrupa salah sahiji ti tilu karajaan, nu dibagi deui kana genep kelas:
Cacing
Serangga
Lauk
Amfibi
Manuk
, jeung
Mamalia
. Lajeng nu opat panungtungan digabungkeun jadi hiji filum:
Chordata
, sedengkeun nu séjénna ngarancabang deui.
Conto
édit
édit sumber
Sababaraha sasatoan nu ilahar dipikawanoh, dibéréndélkeun dumasar ngaran umumna:
anjing
bagong
beruk
hayam
kuda
lutung
manuk
munding
simeut
sireum
turaés
ucing
Baca ogé
édit
édit sumber
Amfibi
Biologi
Biota
Hak sato
Istilah Islam
Sato halal
Sato haram
Kacerdasan sato
Kebon binatang
Lauk
Lokomosi sato
Mamalia
Manuk
ngaran anak sasatoan
Réptil
Serangga
Zoologi
Tumbu kaluar
édit
édit sumber
Wikiquote logo
Wikicutatan
mibanda cutatan-cutatan nu patali jeung artikel ieu dina kaca
Animal
Wikimedia Commons memiliki media mengenai
Animalia
Wikispecies
mibanda émbaran ngeunaan:
Animalia
Wikibooks
Pustaka Wiki
mibanda
Dichotomous Key
nu patali jeung takson ieu:
Animalia
Biologi SMA]
Animals Search Engine
Archived
2005-11-21 di
Wayback Machine
Tree of Life
Archived
2005-02-07 di
Wayback Machine
A Multimedia Database of Various UK or Endangered Species
Archived
2016-04-26 di
Archive.today
Animals and Birds Names
Archived
2005-08-26 di
Wayback Machine
English Animal Adjectives
Archived
2005-10-17 di
Wayback Machine
Sounds of the World's Animals
FindSounds - Search the Web for Sounds
Archived
2003-06-18 di
Wayback Machine
AnimalReviews
The animal photo archive
Archived
2005-10-01 di
Wayback Machine
Photo gallery of animals pictures from the entire world.
Archived
2018-08-09 di
Wayback Machine
Birds Name Check List in Latin, English, Russian and Hebrew.
Archived
2005-11-24 di
Wayback Machine
Biologi SMA
Cutatan
édit
édit sumber
Riski, Azzurrino (2018).
Riski
. Indonesia: Elex Media Komputindo. hlm.
1.
ISBN
9786020454429
Disungsi16 Januari 2022
Dicomot ti "
Kategori
Artikel anu maké mikropormat 'spésiés'
Artikel taxobox leungit taxonbar
Pranala Commons ada di Wikidata
Webarchive template wayback links
Webarchive template archiveis links
Sasatoan
Sato
Tambah jejer
US