Wikipedia:Pancapilar - Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Lompat ke isi
Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Prinsip Dadasar Wikipédia
Pancapilar
Prinsip dadasar proyék
Katangtuan anu disaderhanakeun
Daptar kawijakan jeung tetekon
Kedalan pangadeg
Dasar-dasar Wikipédia
Ringkesan konpénsi Wikipédia
Daptar lengkep kawijakan resmi
Prinsip Yayasan Wikimédia
Sajarah Munggaran
Citakan:Pintas
Kawijakan jeung tetekon Wikipédia
bisa ditingkes jadi
lima pilar
nu mangrupa karakter Wikipedia:
Wikipédia
nyaéta
énsiklopédi
Wikipédia nyaéta énsiklopédi
nu ngahijikeun baéan-bagéan tina énsiklopédi umum, énsiklopédi husus, jeung
almenak
(catetan sajarah) dina hiji wadah nu tangtu.
Artikel-artikel nu aya dina wikipédia kudu gugon kana kawijakan
lain asli panalungtikan
sarta kudu bener-bener aya rujukanana.
Wikipédia lain tempat pikeun nuliskeun pangalaman, sawangan, atawa pamikiran-pamikiran pribadi. Leuwih jerona deui,
Wikipédia lain
tempat keur informasi sambarangan.
Wikipédia lain tempat pikeun ngumpulkeun pernyataan "nyaho teu Anjeun?"(
trivia
), panggung pulitik,
promosi pribadi
, tempat nyobaan
anarki
ogé
démokrasi
, atawa hiji buku pituduh
ramatloka
web
).
Wikipédia ogé lain tempat pikeun kamus, koran, sarta koléksi
naskah sumber
. Jinis eusi saperti ieu masing-masing bisa diteundeun di proyék wiki séjénna,
KamusWiki
Wikinews
, jeung
Wikisource
sakumaha mestina.
Wikipédia miboga jihat sawangan nétral
Artina, urang kudu gawé satekerkebek pikeun hasil ahir tina satiap artikel di Wikipédia anu teu ngan saukur ti hiji juru témbong hungkul eusina téh. Sakapeung mah perkara ieu hartina téh urang kudu néangan témbongan-témbongan anu lalawanan atawa mahiwal tina nyanghareupan hiji masalah; jeung nuliskeun tiap panémbongan
sacara akurat
jeung nyadiakeun sumber/rujukan pikeun satiap juru témbong anu ditulis. Perkara ieu dimaksudkeun supaya nu maca bisa nyangkem panémbongan saha anu diwakilkeun ku hiji pangedalan.
Dina panulisan di Wikipédia, henteu aya hiji panémbongan mana waé anu bisa dituliskeun minangka "panémbongan anu bener" atawa "panémbongan anu panghadéna", ieu téh hartina nuliskeun tiap-tiap sumber anu bisa dipéripikasi, atawa inpormasi
geus diterbitkeun
ku
hiji sumber anu mikawenang
, hususna pikeun
topik-topik anu kontropérsial
Nalika bijil hiji paparaséaan, bakal ditangtukeun pérsi mana anu paling teu mihak, béwarakeun hiji mangsa paniisan jeung béré tanda (
tag
) dina artikel nu dimaksud minangka artikel dina pasalingsingan; bahas jéntréan hiji hiji dina
kaca sawalana
jeung tuturkeun
kawijakan méréskeun pasalingsingan
Wikipédia miboga kontén bébas
Sing saha waé bisa ngédit di Wikipédia.
Sakabéh téks aya dina lindungan GNU Izin Dokuméntasi Bébas (
GNU Free Documentation License (GFDL)
). Tiap jalma bisa matalikeun tutumbu nu aya jeung aturan nu geus ditangtukeun.
Urang kudu inget yén
tiap artikel bisa diédit ku saha waé
sarta euweuh kontrol individu kana hiji artikel nu tangtu. Ku lantaran éta, unggal tulisan meunang Anjeun bisa diédit kalawan bébas ku saha waé jeung bisa diémbarkeun kalawan kabutuhan komunitas.
Ulah nyumbangkeun karya nu
nagrempak hak cipta
atawa karya naon waé nu ngandung lisénsi nu teu saluyu jeung
GFDL
Wikipédia miboga aturan tarékah polah
Kudu silih ngahormat antara para pamaké Wikipédia, sanajan Anjeun teu satuju kana pamadegan maranéhanana. Inget yén urang kudu
sopan
Ulah
narajang pribadi
atawa ngémbarkeun sawangan pribadi.
Kudu tetep
tiis pipikir
sanajan kaayaan waktu ngédit kacida harénghéngna. Jauhan
perang éditan
kalawan gugon kana
aturan tilu kali balikan deui
. Inget, geus aya
62.690
artikel di Wikipédia basa Sunda pikeun dipariksa, diédit, jeung disawalakeun.
Kudu sing jujur. Salawasna kudu boga anggepan yén pamaké lain ogé jujur.
Ulah kabeungbeuratan ku aturan
Wikipédia teu miboga aturan-aturan dasar lainna iwal ti lima pilar nu geus dipedar di dieu.
Tong sieun dina ngédit, mindahkeun, atawa ngarobah artikel. Pangaresep nulis kuduna mah jadi tujuan utama Anjeun asup ka Wikipédia.
Tong sieun nyieun hiji kasalahan nepi ka henteu maliré deui Wikipédia. Unggal vérsi éditan bakal tuluy aya. Jadi Anjeun teu kudu hariwang bakal ngaruksak Wikipédia atawa ngahapus hiji eusi artikel. Tapi Anjeun kudu inget, naon waé nu ditulis ku Anjeun bakal kasimpen dina jangka waktu nu cukup lila.
Catetan
édit sumber
Ieu kaca ngamuat prinsip-prinsip dasar dina Wikipédia. Ieu prinsip dasar geus aya saméméh kaca ieu dijieun. Kadang-kadang disebutkeun yén sakabéh kawijakan atawa lolobana kawijakan dimekarkeun tina ieu kaca. Tapi loba ogé kawijakan nu miheulaan tanggal dijieunna ieu kaca. Sakabéh kawijakan Wikipédia geus, kudu, jeung bakal dijieun dumasar kana dasar utama ieu
Pancapilar Wikipédia
Citakan:Kawijakan jeung palanggeran Wikipédia
Dicomot ti "
Kategori
Kawijakan jeung palanggeran Wikipédia
Émbaran dasar Wikipédia
Wikipedia
Pancapilar
Tambah jejer
US